Jumat, 03 Februari 2012

Serat Kanggo Ema sareng Bapa


Serat Kanggo Ema sareng Bapa
Wilujeng Sonten, Ema, Bapa.....
Kulawargi abi sadaya nu di bumi, kumaha daramang? Hapunten ma pa abi teu tiasa mulang. Teu tiasa mantuan nyagu, neyueseuh jeung beberesih di bumi. Keunde nya ma, da ema oge geus biasa ngalakonan eta sanajan teu di bantosan.
Abi teu uih teh bongan sieun, bongan unggal mulang sok nalangsa wae jeung sok kabawa teu parurun... Da kitu geuning Ema jeung bapa mah, mun nempo sasama abi geus nikah jeung nu beunghar sok nyindir abi iraha. Mun nempo nu geus sok di ondang ka pangajian gede, sok nyindir abi bisa naon. Mun aya nu jadi sekertaris perusahaan, gajih sapuluh jutaan sabulan, melong sigah nu hanjakal ari abi jadi naon.
Anu paling matak nalangsa mah, bapa nepika nyeri ku batur nu nyarita yen abi teu nempo kahese kolot, gawe diajar wae tapi can ketempo boga kabisa. Keunde ma pa tong ngabatin teuing....da abi ge di pangumbaraan teh lain ulin. Sok sanajan kuliah di kampus nu sederhana, tapi abi jalma hirup, lain rorotek awi nu pasrah kana aliran cai walungan.
Tong salempang, da abi ge tos boga kabogoh nu bener mah...he’ Oge Abi moal salilana nampan wae ka ema jeung bapa. Ayeuna geus bisa usaha ngabiayaan sorangan, usaha leuleutikan wae mah, mahi keur biaya hirup jeung kuliah. Ngobrol wae mah hareupeun jamaah lain teu bisa, tapi can boga kasempetan. Da geuning abi tara aya di lembur. Mun abi mukim di lembur dina mangsa ayeuna, abi can bisa yakin bisa ngarobah kaayaan kulawarga urang. Abi lahir dina kulawarga sangsara jeung kabodoan. Urang sadudulur mah geuning ukur jadi buntut batur, jadi jalma nyisi di masarakat.
Mun Ema Bapa sabar jeung percaya ka abi, abi yakin bisa motong nasib goreng eta. Sanajan abi geus 21 taun, can jadi pagawe, weyahna da bongan ema nyicingkeun abi di sakola terpadu nu lain sakola kaahlian. Sanajan can jadi tokoh di masarakat, da bongan ti baheula di didik cicingeun.
Lain nyalahkeun, da Ema jeung Bapa teu salah. Tradisi turun temurun nu salah teh euweuh nu ngarobah. Asa can katempo dulur turunan eteh nu jadi jalema. Kabeh oge angger we salangsara jeung teu baroga pangarti. Ti mimiti abi mah, ulah kieu wae. Kudu robah jaradi jalema tur sugema.
Ma, Pa....
Dua tahun deui abi beres kuliah, bareng jeung si Aisa beres sakaola tsanawiah. Satahun deui abi jangji geus bisa ngabiayaan sakola SMA na. Ulah nepika cara obrolan ema, si Aisa moal disakolakeun deui. Abi teu tega, kudu namah sakola na leuwih alus batan abi. Si aisa bisa kuliah, nepika jadi doktor atawa bisnis woman, naon wae minat jeung bakatna, ulah nepika ka pondah ku masalah biaya.
Ayeuna abi di dieu, ti kajauhan miharep pidu’a Ema jeug Bapa sangkan pamaksudan urang kacumponan. Mung sakitu heula ti abi Ma, Pa.... Hapunten abi can daek mulang, dina mangsa satahun, atawa nepika abi janten sarjana Sosial Islam tur geus boga padamelan. Ke tos janten sarjana, abi tos siap nikah....hehe’

Salam Katineung

Ti Putri Ema sareng Bapa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar